Assalamualaikum wr. Wb
Asshaduallailahaillalah
waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu
Tipayun mangga urang sami-sami
panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu
urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat
miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad
SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu
Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin
sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu
ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan
kelas genep.
Henteu karaos parantos genep taun
urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti
sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun
laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi
sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka
urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo
nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru
kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu
ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu
mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah
wassalamu’alaikum wr.wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar